Aya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina nu ngaranna Dayang Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun ka leuweung alatan nandang panyakit nu teu cageur-cageur, nu dianggap bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung komara sang Raja.
Dina sajeroning pangasingan, pikeun ngaleungitkeun kakesel, nya
sapopoena sok ngadon ninun di saung ranggonna Hiji mangsa keur anteng
ninun, taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang
murag ka handapeun saung. Kulantaran keur kagok digawe tambah hoream
turun ti saung, Dayang Sumbi ngucap ka sing saha bae nu daek
mangnyokotkeun jeung nganteurkeun eta alat ka manehna, lamun awewe rek
dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki.. Nya harita aya
anjing jalu nu ngaran si Tumang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka
Dayang
Sumbi. Barang mireungeuh yen nu nganteurkeun taropong teh mangrupa anjing jalu atuh kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap nu keur elmu sunda mah ucap teh sarua jeung sumpah nu teu meunang dibolaykeun.

Bari ngaheruk ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa Dayang Sumbi
kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang, nepi ka boga
budak lalaki nu kacida kasepna nu dingaranan Sangkuriang. Sangkuriang ti
orok nepi ka mangkat baleg, salawasna diasuh jeung diaping ku Si
Tumang, kamana Sangkuriang lumampah didinya si Tumang ngintil marengan.
Hiji mangsa Dayang Sumbi hayangeun pisan jantung mencek, mani asa geus
aya dina lentah, nya gancang nitah Sangkuriang sangkan moro mencek jeung
kudu kabawa jantungna. Tapi dadak dumadakan harita nepi ka sapoe jeput
teu panggih jeung sato naon-naon, sedeng waktu geus nyerelek maju ka
burit. Sangkuriang bingung ku lantaran can hasil nedunan kahayang nu
jadi indung, Sangkuriang sieun nu jadi indungna bendu mun mulang teu
mawa hasil. Barang ret ka si Tumang nya timbul akalna, terus si Tumang
dipanah jeung dicokot jantungna, terus dibawa jeung dipasrahkeun ka
indungna. Ku Dayang Sumbi ditarima terus diasakan.
Dina sajeroning masak Dayang Sumbi ras inget ka si Tumang, anu
saterusna ditanyakeun ka Sangkuriang kamana si Tumang. Barang ditanya
kitu Sangkuriang ngabetem teu ngajawab, tapi sanggeus disedek, ahirna
Sangkuriang wakca balaka, yen anu eukeur dipasak ku Dayang Sumbi teh eta
jajantungna si Tumang. Atuh dadak sakala Dayang Sumbi ambek kacida
sabab si Tumang the bapana Sangkuriang, bakat ku ambek sinduk batok nu
keur dipake masak harita ditakolkeun kana sirah Sangkuriang nepi ka
baloboran getih nu ngabalukarkeun sirahna pitak jeung terus diusir.
Sangkuriang minggat teu puguh arah tujuan kalunta-lunta asup leuweung
kaluar leuweung naek gunung-turun gunung, asup guha kaluar guha, nya
bari ngelmu sakapan-paran.
Gancangna carita liwat welasan taun Sangkuriang tumuwuh jadi jajaka
nu gagah kasep tur luhung ku elmu, jembar ku pangabisa. Kersaning nu
Maha Kawasa, hiji
mangsa panggih jeung Dayang Sumbi nu sacara lahir wujudna teu robah lir parawan welasan taun geulis kabina-bina lir widadari ti kahiyangan, lantaran ngagem elmu awet jaya. Duanana pada-pada teu wawuh pangrasana karek tepung munggaran harita. Barang paamprok timbul tatali asih, pada-pada mentangkeun jamparing asih geugeut layeut lir gula jeung peueut teu bisa dipisahkeun, nya terus patali jangji rek hirup babarengan ngawangun rumahtangga ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak Hiji mangsa Dayang Sumbi keur anteng nyiaran buuk Sangkuriang, katenjo aya pitak dina sirah Sangkuriang, harita Dayang Sumbi ngagebeg sabab ras inget ka nu jadi anakna waktu keur leutik ditakol ku sinduk persis palebah eta pitak. Nya gancang tatalepa tumanya ka Sangkuriang nalungtik sajarahna eta pitak. Sanggeus dicaritakeun nu sabenerna atuh kacida reuwasna horeng eta Sangkuriang teh anakna nu geus heubeul diteangan dianti-anti hayang kapanggih deui, atuh gancang ku Dayang Sumbi dibejer-beaskeun yen sabenerna manehna teh indungna kalayan menta ka Sangkuriang sangkan pamaksudan hayang hirup laki-rabi jeung manehna dibolaykeun, sabab teu mungkin anak kawin ka indung.

Ngadenge caritaan Dayang Sumbi kitu Sangkuriang teu percaya,
alesanana teu mungkin wujud nu jadi indung bisa leuwih ngora tibatan
dirina, Sangkuriang boga anggapan yen caritaan kitu teh, sakadar alesan
pikeun ngabolaykeun jangji pasini. Dayang Sumbi terus ngajebejerbeaskeun
ceuk paribasa nepi ka beak dengkak ngajelaskeun sangkan nu jadi anak
sadar jeung narima kana kanyataan nu tumiba, tapi Sangkuriang tetep teu
percaya jeung keukeuh maksa pikeun ngawujudkeun tali rarabi rumahtangga,
malahan jadi ngabuburu sagala hayang harita keneh dilaksanakeun.
Mireungeuh kahayang Sangkuriang kitu, Dayang Sumbi ngaheruk buntu laku
beakeun jalan pikeun nyingkahan, harita timbul akal
sangkan tali rarabi bisa dibatalkeun ku jalan nyanggupan pikeun kawin tapi aya sarat, nyaeta Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa ngabendung nyieun talaga gede jeung parahu pikeun lalayaran madukeun kaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat bisa katedunan ku Sangkuriang.

Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru ngumpulkeun madia
baladna bangsa lelembut nu katelah Guriang Tujuh, nya prak migawe naon
nu dipikahayang Dayang Sumbi. Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir
anggeus, atuh nempo kaayaan kitu Dayang Sumbi kacida reuwasna, sabab
sieun ku dosa. Dayang Sumbi terus sidakep situhu tunggal mujasmedi,
jumerit menta pituduh Nu Kawasa sangkan Sangkuriang teu bias
nganggeuskeun pagaweanana. Sangeus nampa pituduh, gura-giru Dayang Sumbi
ngerahkeun masyarakat di wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung
ngelebetkeun boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan
cahaya katingalina mangrupa balebat tanda peuting rek ganti beurang,
kitu oge ibu-ibu jeung para wanoja dikeprik dimana-mana sangkan gancang
babarengan narutu lisung tutunggulan.
Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang
pating kongkorongok. Mireungeuh kajadian kitu, Guriang Tujuh nu keur
ngangsitkeun pagawean kacida reuwaseun, atuh gancang kalabur
ngalaleungit deui teu sanggup neruskeun sabab sieun kabeurangan, nu
balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bias direngsekeun ku
Sangkuriang.
Ngarasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terus
ditalapung nya ragrag jadi Gunung Tangkuban parahu, tunggul-tunggul
sesa nuar kai pikeun nyieun parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul,
sedengkeun tumpukan dahan, pangpang, rerenteng jeung daun kai ngajadi
Gunung Burangrang. Sangkuriang teu puas, anu saterusna ngudag-ngudag
Dayang Sumbi, ceuk sakaol sapanjang jaman tepi ka wanci ayeuna
Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.
Geen opmerkings nie:
Plaas 'n opmerking